Saturday 17 August 2013

Sisindiran : Kakarayapan



Ku: Zey Ayuby
17/08/2013



Cibatu pinuh ku bata
Pamere ti babaturan
Poek mongkleng buta rata
Sora jangkrik nu maturan

Mega ayeuna katempo carang
Najan anggang, ngiuhan lapang
Apai-apaian neangan rang-rang
Pikeun muntang pikeun lempang

Inget bareto tatarucingan
Ciri asihan, ciri nyaahan
Cipanon samet mumuncangan
Sabab mudal teu kawadahan

Legana basa teu sabaraha
Lega keneh peuting, poek tur jempling
Nuturkeun, nuturkeun saha
Ewuh panggero ewueh pangeling-ngeling

Nempo hayam di pakarangan
Nepi sore, nepi kamalinaan
Neangan, neangan langlayangan
nu bareto diapungkeun kuduaan